susukan podol

Aya hiji carita, di desa Legok Hanyir! Di desa Legok Hanyir teh aya susukan ageung, caina herang, susukan eta sok dianggo kagiatan mandi cuci kakus ku warga, tapi susukan eta teh kawanoh rada angker.
Hiji poe mang Dodol ngaliwat ka susukan eta peuting-peuting, pas mang Dodol ngaliwat kadinya, kadenge aya sora awewe keur seuseurian, mang Dodol langsung ngorejat, makin kalilaan sorana makin tarik, malah nambahan aya sora plung, krubuk-krubuk, plung, krubuk-krubuk, puguh we mang Dodol teh makin sieun, keur mah susukan eta teh katelah rada angker, katambah aya sora aneh. Becir we mang Dodol teh.
Ka isukanana, mang Dodol langsung nyaritakeun kajadian anu kaalaman ku anjeunna ka tatangga-tatanggana. Jadi weh rame di desa Legok Hanyir teh, ku sabab warga Legok Hanyir teh pada panasaran, pas peutingna kabeh warga datang ka susukan eta, hayang ngabuktikeun anu dicaritakeun ku mang Dodol.
Pas geus rada jauh, kadenge aya sora nu aneh, kabeh warga rareuwas, tapi saking ku panasaran, warga neangan asal muasal sora eta. Pas disidik-sidik, sora eta teh aya di tukangeun tangkal anu dekeut ka susukan. Ari pas ditingali, geuningan eta teh nini Iteung keur setor, sora awewe seuseurian teh, sora nini Iteung keur ngahejeun, ari sora krubuk-krubuk mah sora beuteungna, ari sora plung mah sora tina rokrak anu dikaluarkeun ku nini Iteung.

Komentar

Postingan Populer