carpon liburan

Liburan taun baru kamari abdi sakulawarga angkat ka Bandung. Abdi sadayana angkat sadinten saatos nampi rapot. Di Bandung teu seueur angkat-angkatan ka rupi-rupi tempat mung ka TSM,PVJ,Dusun Bambu, ka bumina pun bibi di Cijerah sareng ka bumina pun mamang di Gegerkalong.
Tapi tempat anu paling mineng didongkapan mah TSM, kumargi paling caket ti Rorompok. Kaping 31 desember abdi sakulawargi angkat ka bumina pun ua di Buah batu, ngempel ngarayakeun wengi pergentosan taun. Abdi angkat ti rorompok di Cicadas kinten-kinten tabuh setengah lima sonten margi sieun macet dijalan, teu terang mah leres macet.Dugi ka bumi pun ua pas adzan maghrib.
Kinten-kinten tabuh dalapan wengi acara dikawitan meuleum sate maranggi, katuangan khas Cianjur sareng beuleum ketan dicocol ku sambel oncom. Kembang api sareng pepetasan tos ngawitan rame tingbaranyay di langit,endah pisan katingalna.
Kaleresan bumi pun ua di sisi sawah janten kota Bandung jelas katingal. Puncakna tabuh dua belas pas kembang api ti ditu ti dieu harurung nyaangan langit kota Bandung. Ba’da netepan subuh abdi sadayana mulang ka Cicadas.

Komentar

Postingan Populer